Garut News ( Rabu, 19/11 – 2014 ).

Alhamdulillah musim hujan parantos sumping, mugi janten berkah.
Salah sahiji cara Islam syukuran hujan, nyaeta “Ihyaul mawat/ngahirupkeun taneuh” ku melak rupi rupi tatangkalan nu ngajanteunkeun lembur urang sejuk, hejo, asri, endah, sehat.
Hayu ayeuna buktoskeun syukur urang mumpung usum hujan, shodaqoh jariah melak tatangkalan di tiap lahan nu kosong.
Tos halodo mah sesah.
Tanagi jeung modal teu sabaraha, tapi pahala jeung manfaat nu saumur-umur.
Amien….
*********
Pelbagai sumber.