Kageulisan Batari Nyi Pohaci Sanghyang Sri Mawa Prahara

0
58 views
Ranty Soeny Paraswaty, Katawisna Ieu mah Batari Anu ti UPI Bandung Tea, he he he.
Sigana ‘Larangan’ Oge, Jadi Tangkal Jengkol, Ha ha ha….

“Komparatif Nyi Pohaci Naskah Sulanjana Jeung Drama Tari “Sanghyang Sri”

Garut News ( Rabu, 13/05 – 2020 ). 

Oleh : Ranty Soeny Paraswaty

Nyi Pohaci Sanghyang Sri téh salah sahiji Batari nu kalintang kawentarna di tatar Sunda. Dianggap Dewi Paré alatan jasana nu nyuburkeun dunya. Geulis lalagasan nu matak tingtrim ati jadi kanyaah para dewa di Kahyangan. Hanjakal kudu ngaregang nyawa, sabab dianggap jadi cukang lantaran runtagna kahyangan dina Papagon.

Carita Nyi Pohaci jadi legenda masarakat Sunda. Nyi Pohaci dijadikeun simbol jeung kepercayaan salaku dewi nu ngurus dunya. Awal mula ayana Nyi Pohaci téh tina mustika nu dibikeun ku Antaboga ka Batara Guru sangkan bisa dihampura alatan teu bisa gawé.

Kaulinan Barudak Ayeuna mah, Ngaranggo Saragam.

“Mustika téh aya tilu tapi nu dua peupeus nepi ka nyesa hiji. Nu ahirna megar, jadi hiji awéwé atawa Nyi Pohaci téa”

Nyi Pohaci jadi hiji awéwé dewasa geulis, kukageulisanna loba dewa-dewi pohara pisan mikanyaahna kaasup Batara Guru, kolotna sorangan. Tapi rasa nyaah éta lila-lila robah jadi rasa cinta.

Sabab dewa séjén apal kana éta hal, dewa ting arambek ngarasa yén éta kaasup aib. Para dewa nyieun hiji strategi jang maehan Nyi Pohaci ku cara ngasupkeun racun kana cai nu diinumna.

Ngabuburit Maen Galah.

Maotna Nyi Pohaci ngabalukarkeun loba dewa dewi nu nyeri haté. Sanghyang Kersa ambek ku éta kajadian. Dewa-dewi ngarasa sieun tuluy ngubur Nyi Pohaci di alam dunya. Awak Nyi Pohaci nu dikubur dialam dunya téh mawa berkah.

“Mastaka jadi tangkal kalapa. Irung, biwir jeung ceuli robah jadi rerempahan. Buuk jadi jujukutan jeung sagala rupa kekembangan. Pinarep jadi bubuahan nu aramis. Leungeun jadi tangkal jati, cendana, jsb. Larangan jadi tangkal kawung. Pingping jadi sagala rupa awi. Suku jadi sagala beubeutian. Puseur jadi paré.” 

Carita diluhur méré hiji gambaran naha masarakat sunda muja jeung ngagungkeun Nyi Pohaci. Kukituna matak moal anéh lamun loba prosesi adat nu matalikeun Nyi Pohaci. Kaasup karya sastra.

Kearifan Lokal Anu Adi Luhung.

Loba pisan naskah-naskah kuno nu nyaritakeun kisah Nyi Pohaci Sanghyang Sri ti awal mula nepi ka tilar dunyana. Di antarana naskah Pantun Sulanjana (transkripsi Ajip Rosidi), Wawacan Nyi Pohaci (versi Bandung), Wawacan Pohaci terus Dangdayang (versi Bandung), jeung Naskah Kuno Nyi Pohaci (versi Jampang).

Analisis cerita Nyi Pohaci dina hipogram jeung drama tari “Sanghyang Sri”

Naskah Nyi Pohaci geus lain hiji karya sastra nu jadi bahan ulikan para filologi hungkul. Dijaman kiwari geus loba karya-karya sastra nu barobah jadi wangun séjén nu leuwih unik jeung ngirut. Dina sastra sok disebut ogé transformasi. Salah sahiji téorina nyaéta alih wahana.

Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk.

Alih wahana bisa dijadikeun salah sahiji trén dina mindahkeun hiji media karya sastra nu tadina wangun tulisan jadi hiji wangun nu bisa dipertunjukan kaasup dramatisasi. Salah sahiji na téh dramatisasi naskah Nyi Pohaci jadi pementasan drama tari “Nyi Pohaci Sanghyang Sri” nu dipentaskeun ku jurusan tari UPI Bandung taun 2011.

Proses dramatisasi nu dilaksanakeun bisa kasebut sampurna sabab eusi gembleng caritaan tina karya sastra nu murnina bisa diébréhkeun kalayan jelas. Eusi jeung galur carita teu loba ngalaman parobahan. Sok sanajan aya sababaraha bagéan anu ngurangan atawa dirobah.

Éta hal teu jadi masalah, sabab dina téori alih wahana aya sababaraha unsur intertekstualitas salah sawiosna aya modifikasi jeug ékserp. Harti tina modifikasi dina intertekstualitas téh nyaéta ayana proses parobahan atawa proses imajinatif tina pangaran kana eusi caritaan na.

Tatar Panawuan Garut.

Sedengkeun ékserp nyaéta eusi caritaan nu ampir sarua jeung caritaan aslina, malah ma bisa kasebutkeun jiga inti sari tina caritaan aslina.

Dua hal éta anu nyangkaruk dina proses alih wahana naskah Nyi Pohaci kana drama tari nu dipentaskeun téh. Sangkan bisa diilikan lebah mana modifikasi jeung ékserp téh ayana, mangka kudu dipesek heula eusi caritaan tina hipogram jeung eusi caritaan dina pementasan drama tari nu digelarkeun.

Hipogram anu dijadikeun babandingan na nyaéta naskah Pantun Sulanjana. Cara mesék na bisa maké téori strukturalisme anu ngabandingkeun galur tina dua carita. Digambarkeun ku ieu bagan dihandap :

Bagan 1.1

Hipogram Drama Tari
Di Kahyangan Batara Guru maréntah Dewa-dewi nyieun balé riung istana anyar. Di Kahyangan dewa-dewi kumpul. Tuluy datang Batara Guru, maréntahkeun saha waé nu teu digawé bakal diteukteuk leungeun jeung sukuna.
Antaboga (déwa naga) ngarasa sedih jeung sieun sabab teu bisa mantuan gawé, jadi bakal meunang hukuman tegal pati. Antaboga datang (monolog) ngarasa sedih sabab teu bisa mantuan gawé jeung teu buga leungeun ogé suku. Nu ahirna bakal beuheung jadi taruhanna.
Antaboga indit datang ka Batara Narada jang ménta tulung.
Antaboga ceurik cipanon reumbay ngeclak kana taneuh, tuluy barobah jadi mustika (endog emas) Antaboga ceurik, kecclak cipanonna jadi mustika (endog emas).
Antaboga indit ka Batara Guru jang masrahkeun mustika. Antaboga indit ka sasak aras Kahyangan Sawargaloka.
Di jalan rék ka Kahyangan Antaboga panggih jeung manuk Dadali, nu ahirna paséa. Diajalan Antaboga panggih jeung pasukan manuk Dadali nu tuluy nyerang manéhna. Nepi ka dua mustika téh peupeus.
Aya dua babi nu keur ngaruksak tatanén tuluy kapanggih kunu keur jaga.
Kahirupan masarakat desa. Ngariung ngobrol kumaha cara ningkatkeun hasil tatanén
Antaboga nepi ka Kahyangan tuluy masrahkeun mustika nu nyésa hiji ka Batara Guru. Antaboga nepi di Kahyangan. Mikeun mustika nu nyésa hiji ka Batara Guru.
Endog megar jadi hiji orok nu dibéré ngaran Nyi Pohaci Sanghyang Sri. Endog megar jadi hiji orok nu dibéré ngaran Nyi Pohaci Sanghyang Sri.
Nyi Pohaci tumbuh jadi hiji awéwé nu geulis, bageur, alus budi, nepi ka dipikanyaah ku dewa-dewi séjénna. Barudak ulin kaasup Nyi Pohaci salah sahijina.
Nyi Pohaci nu geus gedé muncul tuluy ngariung jeung déwa-dewi séjénna. Disusul datangna Batara Guru.
Batara Guru nyimpen hasrat cinta ka Nyi Pohaci tuluy hayang ngawin. Batara Guru ngagoda Nyi Pohaci.
Dewa-dewi risi ningalina. Tuluy néang akal kumaha cara misahkeun Batara Guru jeung Nyi Pohaci. Dewa-dewi asup tuluy ningali kajadian éta jadi ambek. Sanghyang Kersa maréntahkeun jang ngubur Pohaci di alam dunya.
Dewa-dewi ngumpulkuen racun nu pang peurahna. Tuluy diracik, dihijikeun jeung cai inum Nyi Pohaci.
Nyi Pohaci datang nyamperkeun indungna (pamajikan Batara Guru) jang ménta hampura. Tapi ditampik. Tuluy ninggalkeun Nyi Pohaci sorangan.
Datang dewa-dewi nu tuluy nyerang ka Pohaci. Nepi ka ahirna Nyi Pohaci tilar dunya.
Nyi Pohaci tilar dunya. Sabab sieun Sanghyang Kersa ambek lantaran éta. Ahirna dewa-dewi ngubur layon Nyi Pohaci di alam dunya. Tina layon nu dikuburkeun tumuwuh rupa-rupa tatangkalan jeung kekembangan nu aya dialam dunya. Layon nyi Pohaci dikubur di alam dunya. Tumuwuh rupa-rupa tatangkalan jeung kekembangan nu mangpaat pikeun alam dunya tina layon kuburan Nyi Pohaci.

 

Hasil bagan diluhur aya sababaraha bagéan-bagéan anu kosong boh tina caritaan Hipogram atawa caritaan dina pementasan drama tarina. Éta hal nu bisa muktikeun ayana prosés modifikasi atawa parobahan nu dilaksanakeun ku si pengarang salaku daya imajinatifna kana ngainterpretasi éta naskah sangkan leuwih ngirut.

Jengkol Tea, Bau Tapi Raos.

Modifikasina aya dina palebah caritaan Nyi Pohaci nu kapanggih keur paduduaan jeung Batara Guru. Lamun dina caritaan mah dewa-dewi téh ngarasa risi jadi néang cara séjén sangkan bisa misahkeun Nyi Pohaci jeung Batara Guru.

Lain deui jeung dina carita pementasan mah, caritana jadi leuwih ramé jeung muncak sabab barang kapanggih langsung dihukum tegal pati. Aya deui modifikasi séjénna. Samodel kaulinan barudak jeung Nyi Pohaci. Kaayaan masarakat nu harerey bari mikiran kumaha cara ningkatkeun tatanén.

Lain modifikasi dina galur carita nu robah jeung adegan anu ditambahan hungkul, tapi aya ogé adegan-adegan anu dileungitkeun dina caritan aslina. Nyaéta caritaan Antaboga anu indit ka Batara Narada jang ménta tulung.

Sanjaan kitu eusi caritaan na mah angger katepikeun sacara gembleng. Sabab patokan jeung intisari tina caritaan hipogram na tetep aya jeung kasuat. Malah jadi hiji dadasar atawa pondasi nu kuat jang nyieun kerangka caritaan dina naskah daramana.

Barudak Lembur.

Pasualan ngeunaan tungtung carita atawa cara Nyi Pohaci tilar dunya barobah mah teu jadi masalah gedé. Sabab éta mah hak pangarang dina nyieun caritaan sangkan leuwih imajinatif jeung leuwih menarik. Éta mah balik deui kana daya imajinasi nu dipiboga ku pangarangna séwang-séwangan.

Malihan ieu pementasan bisa jadi hiji titik jembatan jang karya sastra sangkan bisa nepikeun caritaanna leuwih jembar deui. Masarakat jadi leuwih nyaho deui jagat sastra sacara teu langsung ngaliwatan naskah nu dipentaskeun.

Sanajan aya kabebasan dina ngamodifikasi eusi caritaan, tapi pasti waé aya sababaraha dampak nu karasa ku panikmat. Katambah deui lamun penikmat na téh karak lalajo atawa pertama kalina.

Hiburan Murah Meriah.

Ieu bisa jadi hiji pasualan nu penting, sabab pangarang sacara teu langsung bisa méré hiji gambaran anyar nu bakal diserep, dipaham, jeung dipercaya ku para penikmat.

Lamun nilik kana éta hal mah, sagalana balik deui ka pangarang. Kumaha carana sangkan pangarang bisa nampilkeun hiji caritaan hasil modifikasi nu ngirut tapi tetep luyu jeung teu jadi ngaruksak kana caritaan aslina. Éta hal ogé pakait kana naon maksud nu rék ditepikeun ka pangarang ngaliwatan caritana.

******

Fotografer : John D. Hidayat.

LEAVE A REPLY

Please enter your comment!
Please enter your name here